ARSIP BASA SUNDA - Surya Suwarna

Surya Suwarna

menulis = berbicara .......

test banner

Post Top Ad

Responsive Ads Here

ARSIP BASA SUNDA


OPINI BASA SUNDA KU : SURYA SUWARNA
KADE WAWAKIL “BEURIT” DI NAGARA URANG

Bener asa teu pamenangkeun ari rahayat leutik , heeuh aralus ari ngomong di harepeun tivi mah yén maneh na teh segut ngomong  “ aing teh wawakil rahayat nu merjuangkeun sora rahayat timimiti nu leutik semeut kanu gede”,  nu penting mah nu leutik heula we bener bener perjuangkeun teh, lain ukur di kedokan ku carita wungkul nu akhirna jadi bukur teu ka ala pati-patina acan, ari rahayat geus  bergejolak di handap kakara we daraek ingkah merjuangkeun rahayat, maenya kudu unggal poe demo, manya kudu unggal poe gogorowokan di gedong dewan tapi didengekeun  henteu.

Ceuk bahasa pulitiknamah loba nu bengeut pencitraan hungkul, teu nutup paningali yén loba wawakil urang “rahayat” nu di pilih kurahayat, nu geus ka amanatan kurahayat tipoe ka poe asa beuki maceuh anu korupsi ngahakanan duit rahayat anu katewak ku KPK ( Komisi Pambarantasan Korupsi), sakitu gede jasana KPK pikeun rahayat nyalametkeun duit nagara nu asalna  tirahayat-rahayat keneh, matak bener rahayat nepi ka bebeakan ngadukung KPK  pikeun meresiahan KORUPSI, tapi aya nu nyieun piluluconeun tapi teu lucu? Nyatea wawakil rahayat nage nu calik manis di korsi dewan malah katinggalina edek ngalemahkeun KPK. Ari dina omongan dek ngadukung  nguatkeun KPK , eh ari dina bukti namah kalah kah ngajurus ka na ngaleleuskeun  KPK.

Timimiti anggota dewan ngabintangan dana pikeun  pangwangunan  gedong KPK  neupi ka dek ngarevisi Undang-Undang KPK nu ceuk sabagaian kalangan yen mun Undang- Undang eta di Revisi tangtu bakal bisa ngaleleuskeun KPK.

Pantes atuh kugemesna gemesna teuing ka anggota dewan anu ngabintangan pangwanguanan gedong KPK tandana can diwidian atuh timimiti masyarakat tukang beca, PKL, MahaSiswa sarta sakabehna masyarakat nu ngadukung kana meresiahan Korupsi nu aya di Nagara urang, sakabehna paheyek-heyek leungeun , sabilulungan, sauyunan ngagalakeun “ SAWERAN PIKEUN KPK”, teu eramah kitu eta anggota anu calik di gedong dewan ? ari manaehna nganggarkeun dana pikeun nyieun lapang parkir jeung toilet mangmiliyar-miliyar diutamakeun bari sabenerna rahayat teu ngadukung pikeun nyieun sarta ngomean toilet nepi ka mangmiliyar-miliyar ?, Emang anu dipiceun dina toilet eta teh emas atawa naon? Atawa beda kitu nu dikaluarkeun ku rahayat leutik jeung anggota dewan nu di piceunana?, padahal basa itu ge gujrud katempo yen aya kondom anu paburaset di toilet anggota dewan teh.

Ceuk, kalangan ge bener loba anggota dewan nu bermuka dua , naon contona ieu we masalah revisi UU KPK, asal namah gujrud rek ngararevisi UU KPK nu ceuk beja mah pikeun ngaleleuskeun KPK, tapi akhir-akhir saenggeus di demo ku kalangan masyarakat ,  ayeunamah paalus-alus benget yeng cenah “ teu ngadukung kana revisi eta”, biasa kapanggih keur nyinghareupan dua rebu opat belas mah, nyieun pencitraan karahayatna sorangan.

Padahal rahayat nu sakitu lobana nu anti korupsi  teh lain jalma bodo, bisa ninggali dina bener-bener atawa henteuna nu dilakonan ku anggota-anggota dewan teh, saperti ayeuna  akhirna anggota dewan geus ngalesotkeun bintangna pikeun ngawangun gedong KPK, tapi nu anehnateh aya sabaraha persyaratan nu kudu dicumponan cenah, da sabnerna mah ceuk jelma nu teunyaho kana hukum da yakin KPK ge moal ingkar tina jangjina pikeun ngabersihkeun korupsi da etamah geus tugas utamana sarta rakyat geus siap pikeun ngadukung sarta jadi  panginget KPK, nyakitu deuih atuh geus pasti kanyahoan yeng gedong etateh ngandung kamaslahatan pikeun nyalametkeun bangsa jeung nagara tina korupsi-korupsi. Soalna geus katempo pagaweaanana timimiti nu korupsi pajeg neupi ka nu korupsi  wiswa atlet geus diabuskeun kameja hejo, memang masih loba keneh pagawean KPK saperti kasus Mega Skandalna Centuri Can Kabuka, tapi KPK geus janji dek sagancangna mereskeun kasus eta, sarta rakyat ge ngadagoan pagawean-pagawean KPK satuluyna dina pemberantasan korupsi.

Sugan kaharepna bener bener wawakil urang nu aya di pamarentahan jeung parlemen bisa jadi wakil nu dipercaya tara khianat kana janji jeung jabatana, lain ukur dekeut karahayat teh waktu kompanyena wungkul nu mangrebu janji janji nu dek di bikeun pikeun kasejahteraan rakayat, tapi ari kanyataan na eweuh?
Tapi urang ge masih yakin loba keneh wawakil nu jalujur tur bisa di percaya. (surya suwarna)

Tangerang, 13/10/2012 11:41 pm

CONTO SAWALA BASA SUNDA 

MATERI SAWALA 


NGAMEKARKEUN KASENIAN TRADISIONAL


Kasenian Jeung Hal – Hal Anu Numbuhkeun Pikeun Ngamekarkeun Kasenian Tradisional
Unggal nagara ngabogaan salah sahiji anu jadi ciciren bangsana diantarana kasenian,  rupa-rupa kasenian aya di  tiap suku bangsa anu nyicinganna. Naon atuh ari kesenian teh? Kasenian mangrupakeun hiji kagiatan anu nimbulkeun  kesan endah dina jero manah. Kasenian teh sacara umum di bagi dua, nurutkeun waktuna nyaeta, kasenian tradisional jeung kasenian modern. Rupa rupa bentuk jeung contohna kasenianteh aya anu mangrupa seni lagu, aya anu mangrupa seni tari ( ibing ), aya seni pertunjukan, seni drama atawa teaterna ,aya nu mangrupa alat – alat kaseniana, jeung rupa – rupa deui kasenian nulaina.
Kasenian tradisional mangrupakeun aset bangsa anu berharga tina aspek ekonomi, sosial, jeung budaya. Mangrupakeun aset ekonomis, kasenian tradisional ngabukti ngabogaan nilai komersiil anu luhur jeung lobana apresiasi ti dunia internasional. Namun leuwih penting deui, Kasenian tradisional mangrupakeun warisan budaya anu ngabogaan arti penting pikeun kahirupan adat jeung sosial kulantaran dijerona ngandung nilai, kapercayaan, jeung tradisi, sarta sajarah ti salah sahiji masyarakat lokal. Sababaraha kasenian tradisional henteu wae fungsina pikeun hiburan wungkul, namung di jerona ngandung panghormatan pikeun arwah luluhur jeung nilai-nilai magis religius lainna. Conto kasenian tradisional anu aya di tatar nusantara, Wayang Golek ti Jawa Barat, Ondel – Ondel ti DKI, Tari Saman ti Aceh, Tari Kecak di Bali,  Gamelan ti Jawa Jeug Bali, Tipa, Reog Ponorogo, ti Jawa, jeung rea rea deui, tapi, dina kaayaan kiwari kasenian tradisional geus loba di popohokeun ku nonoman ayeuna contona wae khususna pikeun kasenian sunda, kasenian sunda dina jaman kiwari ku generasi muda dianggap kasenian anu kampungan, padahalmah kasenian sunda teh mangrupa kasenian anu geus napak dina kahirupan sapopoe. Saha atuh nonoman sunda ayeuana anu apal kana pupuh jeung tembang – tembang sunda lainna, teu saeutik nonoman sunda ayena anu teu apal kanu hal anu leutik saperti dua conto diluhur, apal kanu pupuh jeung tembang sunda laina. Dina hal eta perluna sikap urang salaku nonoman sunda pikeun nagamekarkeun deui kasenian tradisional abeh tetep henteu punah ngalawan waktu, jeung bisa di lestarikeun abeh henteu di aku aku ku nagara sejena, pan kasenian tradisionalteh teh mangrupakeun kakayaan intelektual bangsa.
Hal – hal anu kudu di tumbuhkeun tina diri urang pikeun ngamekarkeun kasenian tradisional khususna kasenian sunda :
1.      Urang salaku nonoman sunda kudu daek ngamimitin cinta ka daerah sorangan, boh cinta ka lingkungana, ka basana, ka khasan daerahna jeung kaabus cinta ka kaseniana.
2.      Mun urang geus mikaboga rasa cinta ka daerah khususna ka keseniaana mangka urang mangrupa nonoman sunda ulah era di ajar ngenaan ka kesenianana, beh urang leuwih nyaho kana kasenian eta.
3.      Mun urang geus apal kana kasenian eta mangka urang kudu daek ngamalkeunana merenyaho ka nusejena jeung ngajak kanu encan apal kana kasenian eta .
4.      Promosikeun ku urang anu mangrupa nonoman abeh kasenian eta  bisa di pikanyaho dina kawasan nagara urang sorangan khususna atuh nagara batur umumna abeh anu lainna bisa ngilu resep jeung ngahrgaan kana rupa – rupa kasenian tradisional.
Ingsa Alloh,amun hal – hal anu tadi bisa dituwuhkeun mangka kasenian urang ( tradisional ) bisa dimekarkeun jeung moal punah ngalawan waktu.


Ngamekarkeun Kasenian Tradisional, Dina Masalah Ngajaga Kasenian Tradisional Sangkan Teu Di Aku Ku Bangsa Dengeun .
Salain sikap urang anu ngadukung kanu ngamekarkeun kasenian tradisional, sikap jalma sejena ge kudu didukung abeh babarengan bisa ngamekarkeun kasenian tradisional. Jeung deui dina hal ieu sikap pamarentah oge kudu ngadukung pikeun ngamekarkeun kasenian tradisional jeung ngajaga kasenian tradisional sangkan henteu jadi aku – akuan bangsa batur, tapi Lamun sakabeh unsur masyarakat di  masyarakat di Indonesia Ngabogaan komitmen pikeun ningkatkeun potensi ekonomi kasenian tradisional sakaligus ngahormatan hak – hak sosial jeung budaya bangsa, kondisi kitu henteu bisa di anteb. Sababarah langkah perlu di lakonan sangkan nganitikberatkeun upaya di merean kabebasan pikeun masyarkat adat atau seniman tradisional eta sorangan tina milihan pamanfaatan anu layak pikeun  ciptaannaa. Tilu hal ieu aya sababaraha strategi anu bisa dilakukeun ku sakabeh unsur masyarakat sesuai ejeung peran jeung fungsina masing – masing mangka moal dibebankeun sakabehna ka pamarentah.
Kahiji, nyaeta mere pamahaman ka masyarakat adat jeung para seniman tradisional ngenaaan arti peunting kasenian tradisional. Lamun maranehna enggeus nyaho hak – hakna anu dilindungan ku hukum, sangkan maranehna ngabogaan pamahaman anu layak jeung kabebasan anu nganentukeun sorangan pamanfaatan ciptaan maranehana. Tina ngalakukeun program edukasi anu saperti kitu, di butuhkeun unsur masyarakat anu bisangabaur ejeung masyarakat lain satempat. Pikeun mere pamahaman ka komunitas adat, diperlukeun pamahaman tina sistem soial maranehna sahingga ngajangkau pamimpin adat anu jadi panyokot kaputusan pangluhurna.
Kadua, ngamanfaatkeun kasenian sacara optimal jeung ngahormat kana  hak – hak sosial jeung budaya masyarakat anu ngabogaan kapentingan. Salah sahiji faktor saeutikna  kasadaran hukum masyarakat tina pentingna perlindungan pikeun kasenian tradisional nyaeta kurangna minat masyarakat pikeun kasenian eta sorangan. Henteu jarang kasenian tradisional Indonesia leuwih dihargaan ku pihak asing tibatan ku masyarakat indonesia. Sababaraha karya adaptasi tina kasenian tradisional Indonesia justru dilakukeun ku seniman asing jeung kanyataana meunang sambutan anu positif. Sakabeh pamangku kapentingan kaindustri kasenian, produser musik contona, kudu ilubiung kana ngadorongna perkembangan kasenian trdisional.
Katilu, nyaeta ngalakukeun dokumentasi anu komprehensif. Dokumentasi anu ngamadai  tinakasenian tradisional Indonesia anu fungsina pikeun mekanisme perlindungan defensif keur ngananganan panyalahgunaan. Contohna wae dina kasus lagu rasa sayange  misalna, lamun Indonesia ngabogaan dokumentasi anu ngdukung lagu eta mangrupakeun lagu tradisional Indonesia  anu enggeus dipraktekeun lila,  mangka enggeus ngaboggan dasargugatan anu jelas.





Conto Kasenian Anu Geus Dimekarkeun
Kasenian tradisional nyaéta kasenian anu napak dina tradisi atawa kabiasaan masarakat. Rupa-rupa kasenian Sunda kayaning; calung, réog, degung, kendang penca, jaipongan, kaasup conto kaseian tradisional. Tangtu waé ieu kasenian téh ku urang kudu dimekarkeun ngarah tetep dipikaresep ku balaréa sarta henteu tinggaleun jaman.

Salah sahiji conto kasenian Sunda anu geus dimekarkeun nyaéta jaipongan. Keur urang Sunda mah kawasna geus teu bireuk deui kasenian jaipongan téh bubuhan sakitu populérna.
Upama dibandingkeun jeung kasenian séjénna, kayaning calung, angklung atawa réog, jaipongan leuwih loba nu mikaresep. Pangna kitu lantaran daya tarik ieu kasenian leuwih punjul, pangpangna dina lebah unsur gerakan.

Lamun ditilik tina sajarahna, jaipongan téh asalna tina kasenian ketuk tilu, nyaéta kasenian anu diigelan ku ronggéng atawa dombrét disebutna di wewengkon basisir kalér mah.
Éta ketuk tilu téh tuluy diropéa ku Gugum Gumbira, salasaurang seniman karawitan Sunda. Ditambahan deui boh dina tatabeuhanana, boh dina gerak ibingna. Gerak ibingna dipasieup deui ku gerak silat, tari modéren, jsb. Ngaranna ogé tuluy robah, tina ketuk tilu jadi jaipongan.
Kasenian jaipongan kiwari geus pohara mekar jeung sumebar ka mana-mana. Kamekaran henteu ukur di panggung wungkul, tapi beuki lega ambahanana. Dina dunya rékaman upamana, kiwari geus pohara lobana kasét-kasét rékaman jaipongan. Urang bisa manggihan méh di unggal toko kasét. Ku kitu téh manusabah lamun jaipongan beuki kawentar ka mana-mana. Malah lain bangsa urang baé nu resepeun, bangsa deungeun ogé teu saeutik anu kasengsremeun. Loba urang asing anu dialajar sarta bisa ngigel jaipongan.

Dina kahirupan sapopoé, apan mindeng pisan lamun aya nu hajat téh sok nanggap jaipongan. Kitu deui dina acara pagelaran-pagelaran seni, boh dina agustusan boh pintonan seni di sakola, nu ngigel jaipongan di panggung téh apan tara kaliwat, sok aya baé. Ieu hiji bukti yén kasenian jaipongan téh kalandep ku balaréa.
Ditulis ku : Surya Suwarna

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Post Bottom Ad

Responsive Ads Here

Pages